Fiksi:
Sia loba gaya, gaya
Bari euweuh pangabisa, bisa
Ukur loba paménta
Nyusahkeun Indung Bapa
Fiksi:
Yeu yeu yeu ini musik reage bukan dari Jamaika tapi dari Tanah Sunda
AOI:
Yo dan special song buat kalian semua yang ada di Alam Semesta dan Planet Name X ini
Fiksi:
Nah darangukeunnya Please Welcome Insan AOI
AOI:
Yeuh dangukeun, urang boga carita
Salah sahiji (tata) barudak zaman ayeuna
Ukur ngaheulakeun gaya
Bari eujeung pamer harta
Pangabisana tèh ukur nyusahkeun Indung Bapak
Peuting waktu ulinna
Teras subuh uihna
Barijeung mastakana tèh tos karasa muihna
Nginum na lain Aqua tapi capna Orang Tua
Maké duit ti kolot nu hésé capé ngarahna
Dek indit jeung pasangan
Tapi duit pas-pasan
Nambut ka babaturan
Catet na buku sametan
Acukna hoyong gaya
Tapi teu aya
Mélaan heula nginjem ngetrokan imah tatangga
Fiksi:
Sia loba gaya, gaya
Bari euweuh pangabisa, bisa
Ukur loba pamènta
Nyusahkeun Indung Bapa
Mempeung masih ngora, ngora
Mending gé lobakeun karya, karya
Banggakeun Indung Bapa
Jieun kolot bahagia
AOI:
Barudak sakola zaman ayeuna
Nu indit ka sakolana lieur nguruskeun cinta
Ungggal poé na WA ukur méakeun kuota
Barijeung pas Ulangan mah ngan meunang peunteun Dua
Jiga jalma nu aya
Atau jalma kakara
Édan kitu gaya
Bari beungeutna lada
Geus ngala duit sorangan ké gé karasa
Lamun manéh eunggeus éra namprak ka Indung Bapa
Tong loba foya-foya
Duit hésé ngarahna
Mending paké usaha
Bisi engké nalangsa
Ék nepi iraha nyusahkeun Indung Bapa
Geuwat geura pikanyaah bisi asup naraka
Fiksi:
Sia loba gaya, gaya
Bari euweuh pangabisa, bisa
Ukur loba pamènta
Nyusahkeun Indung Bapa
Mempeung masih ngora, ngora
Mending gé lobakeun karya, karya
Banggakeun Indung Bapa
Jieun kolot bahagia
AOI:
Sia loba gaya, gaya
Bari euweuh pangabisa, bisa
Ukur loba pamènta
Nyusahkeun Indung Bapa
Fiksi:
Mempeung masih ngora, ngora
Mending gé lobakeun karya, karya
Banggakeun Indung Bapa
Jieun kolot bahagia
Fiksi:
Aduh heup euy éta mang oi mang oi eup heula heup heup heup heup heup
AOI:
naon mang
Fiksi:
Eh musikna ganti atuh, asa ieu mah dukstak dukstak asa di embesi baheula
AOI:
oooh, heueuh heueuh heueuh
Fiksi:
Ganti atuh kunu ngeunaheun atuh
AOI:
heueuh siap urang ngarti heueuh selera si mang Fiksi kumaha heueuh, siap siap siap
Fiksi:
Heueuh cik kumaha
AOI:
Kabeh barudak kabeh siap stay on euy kabeh siap, okeh, yeuh ku urang di stel ayeuna
Fiksi:
Taaah, leuheung ieu mah ngeunaheun
AOI:
Heup lah
Fiksi:
Hobah
Fiksi + AOI:
Mempeung masih ngora, ngora
Mending gé lobakeun karya, karya
Jiga Roma Irama
Terkenak sa Indonesia
AOI:
Naha mang jol Roma Irama?
Fiksi:
Eh salah saha dibéré dangdut atuh da
AOI:
O IYA ATUH MAAP